Okey lanjut caritana, disini diceritain gimana persiapan awal
urang sampai betapa mengenaskan nya urang pas pertama akan terdampar disana.
Ripuh.
Karena urang geus fix dengan pilihan ini, dan sambil nunggu
berkas daftar ulang nepi ka imah, akhirnya urang searching info tentang IPB dan
seluk-beluknya, salah satu fakta yang didapat ternyata IPB itu di Bogor. Okey
penting. Lalu urang menemukan grup fesbuk yang anggota-anggota nya sanasib
jeung urang, jol apply weh menta join. Anjis aslina lila di acc na teh, naha
pedah aing budak SMK kitu? Teuing sih, tapi yang pasti kesel urang terhadap SMK
semakin memuncak lah pas eta. Namun itu tidak mengurungkan niat urang untuk
membuktikan bahwa sebenarnya SMK itu Bisa!. Bisa gelo.
Okey setelah 7 abad hari, urang akhirnya di acc. Dari
itu urang melihat banyak orang dari sabang sampai merauke, maraneh na marake
bahasa lo-gue yang peurih kanan panon mun dibaca ge, mereka teh bingung ceunah naha
bet bisa katarima di IPB, belegug:-(.
Lalu berkenalan dengan jelema nu sajurusan jeung urang, menta pangjoinin aing
di Line da katanya grup jurusan nya ada disitu. Lumayan cewis jadi hampura mun rada
modus.
“Teh, INF? Boleh joinin id line saya ga ke grup angkatan? Sama id line
teteh juga sekalian” so imut tea aing.
LILA DEUI ANJIR DI JOIN-KEUN NA TEH. Naha semesta meni asa embung
pisan kitu aing kuliah di bogor teh? Nuhun sabandungeun!. Sambil nungguan di
acc urang teh liat-liat postingan grup fb, niat na mah neang batur orang sunda
oge meh rada nyambung diditu na, pekteh eweuh siah....
Urang mikir weh dari situ ternyata benar apa yang dikatakan kolot
baheula, mun orang sunda teh hese ngarantau! Embung jauh ti lembur. Terus ai
urang orang naon atuh.. naha bet hayang jauh ti lembur.. lalu teringat weh mun sebenernya
urang teh baheula lahir di washington dc. teu.
Atuh ngke urang diditu kudu ngobrol jeung saha.. maenya make
bahasa lo-gue mah da rumasa dahar ge masih keneh jeung kurupuk urang mah gengs.
Ah geus hopeless lah aing bakal jadi jelema cicingeun dan kuuleun diditu teh jigana,
kacipta. Terus urang curhat ka kolot tentang hal ini.
Dicky : “Bu, ai ntar aa diditu ngobrol pake bahasa naon?”
Ibu : “Tagalog a”
Ibu : “Tagalog a”
Dicky : “Ah nyesel dulu ga diterusin les nya”
Bapa : “Nya sunda atuh a”
Dicky : “Naha emang bogor sunda kitu?”
Ibu : “Ai eta bogor kan aya tugu kujang, sok kujang teh
timana?”
Dicky : “Kalimantan”
Ibu : “Bener ieu mah IPB teh teu salah milih”
Nteu nteu.
Bapa : “Bogor mah da deket sama cianjur sama sukabumi pan,
masih sunda eta teh”
Dicky : “Oh kirain Bandung sebelah sini hungkul sunda teh”
Aing dulu mikirnya daerah nu make B. Sunda teh daerah nu dareukeut ka
Bandung weh hungkul, jiga Cimahi, Subang, Tasik, dan sekitarnya. Teu apal mun Bogor
sunda oge, da pedah geus join di Jabodetabek. Jadi mindset urang mah nu daerah
Jabodetabek teh geus fix weh make bahasa lo-gue. Belegug.
Mendengar pernyataan itu urang aga sedikit lega, karena ibarat
na ngke teh masih cicing di lembur dulur sunda keneh lah, moal hese teuing
komunikasi jeung adaptasi na, ternyata tanah Parahyangan itu luas coy:-)*atau aing na nu
belegug karek apal ayeuna. Lalu esok hari nya urang curhat juga ke temen di
sakola yang asalnya dari bogor, teuing kumaha bisa apal Baleendah, tapi da
katingali dina bitis na ge sagarede taleus, eweuh seksi-seksi na acan jadi
awewe teh si eta mah, sebut saja dia Nabilah. Kejadian na di lapang basket bari
ngucur kesang, inget keneh.
Dicky : “Bil, insyaallah urang bakal lanjut kuliah di bogor
nanti”
Nabil : “Demi apa? Ih embung aing mah maneh datang ka bogor”
Kan, ceuk aing ge ulah we nya.
Dicky : “Jangan gitu atuh bil, ntar pandu urang disana yah,
bisi ku tersesat”
Nabil : “Emang maneh katarima di IPB jurusan naon?”
Dicky : “Informatika bil”
Nabil : “Naha da asa eweuh informatika di IPB mah”
Dicky : (Ha... ai aing kamari daftar kamana atuh? ITB? Yes) “Aslina
bil?”
Nabil : “Setau urang sih gt”
Dicky : “D3 ieu”
Nabil : “OOHHH anjir eta mah swasta siah dik, proyekan dosen
hungkul”
Dicky : “NHAA AISIA NGOMONG TEH”
Kaget atuh, masa IPB dibilang swasta, anjas.
Lalu si Nabil menceritakan kalo di IPB itu ada 2 kampus,
satu di Dramaga (Kabupaten) yang menjadi kampus dari program sarjana, satu lagi
di daerah kota na, dia bilang mungkin yang diploma kampus nya di kota, teu apal
oge si eta teh IPB aya program diploma na. Ngan teu apal ceunah di daerah mana
kampus nu di kota na teh. Padahal cicing na di kota tara ulin da kuuleun si nabil
mah. Baru ngerti weh darisitu, urang nyari juga di internet kalo IPB teh
emang gitu. Lieur yah rek kuliah teh loba gedung sakola na ning.
Singkat cerita akhirnya urang di masukin ke grup angkatan,
yes akhirnya Line urang berguna selain jang maen getrich. Waktu itu anggota
grup nya masih sekitar 20 orang-an, okelah mungkin ini grup angkatan urang
hungkul, kan emang quota na sa-areutik nya mun kuliah mah, nu daftar na
231.435.345.132 juta orang ai nu katarima na ngan salosin. Disitu urang masih
malu-malu belum berani chat, da bahasa nu di pake na teh lo-gue, jaba nu
ngarobrol na teh eta-eta deui weh, asa jadi minoritas weh kitu singkatna mah,
sieun. Tapi pada suatu waktu urang memberanikan diri untuk chat didinya bari
kenalan.
(Group Chat)
B : “Sepi nih”
Kesempatan kenalan yeuh mumpung keur sepi.
Dicky : “Eh, kenalin gue Dicky dari Bandung, salken ya”
A : “Si C kemana deh ko ga muncul ya”
B : “Iya, udah lama dia ga muncul”
D : “Lagi sibuk mungkin dia gara-gara chat semalem wkwk”
B : “Ah elu sih nakut-nakutin dia”
GENG AING KENALAN ETA TEH HEEEY!!
D : “Eh itu ada yang baru join, kenalan cepet”
A : “Ohiya salam kenal ya dick, anggap aja grup kelasan”
B : “Ohiya salam kenal ya dick, anggap aja grup kelasan”
E : “Ohiya salam kenal ya dick, anggap aja grup kelasan”
F : “Ohiya salam kenal ya dick, anggap aja grup kelasan”
G : “Ohiya salam kenal ya dick, anggap aja grup kelasan”
Aing so jaim tea ga mau bales, males atuda kararitu.
D : “Dick, wkwkw”
B : “Hahaha dick”
G : “Biasa di panggil apa? dick?”
Prasangka buruk aing mulai menyelimuti.
Dicky : “Hehe iya, panggil ‘Ky’ aja kalau ngga”
A : “Ah ngga Dick aja udah”
B : “Hahaha iya dick ajaaa”
C : “Weeeh anggota baru nih dick”
Kan, can ge kuliah aing mah geus di bully.
A : “Weeeh kemana aja C??”
D : “iya nih baru muncul lagi lo”
E : “ketakutan doi haha”
Blablablablabla nepi ka panjaaaang teh obrolan na rame tapi
da teu ngajakan ka urang mah, geus weh tidinya aing mareuman notif, hoream.
Karena notif di pareuman beberapa hari kemudian pas urang cek eh anggota na
nambahan nepi ka 60 urang, gelo! Naha kieu ieu teh jelema saha wae nu di
abuskeun.. Ah sabodo lah tidinya teh, nepi ka rek hari daftar ulang nepi 100
leuwih anggota na. Ari ieu rek kuliah atawa bedol desa anjir. Ternyata pas ku
urang cek nu katarima di ieu jurusan teh nepi 120an lah.
AH!
Kumaha sih.
Urang pas SMK wae nu sakelas na ngan 30 jelema masih ngarasa
kurang efektif diajar na, komo deui ieu 120.. Geus asa nongton bioskop weh
tidinya jigana kuliah teh, pikir urang.
Cring! Beberapa hari kemudian datang weh tah tukang JNE teh
ka imah merekeun surat jeung berkas jang daftar ulang ngke di Bogor, breet weh
dilengkapan. Pas geus deukeut-deukeut Hari H daftar ulang, urang teh mulai
packing barang-barang di kamar..
Sedih. Pisan. Aslina. Ibu jeung Bapa mantuan urang meresan
barang-barang keperluan urang oge.
Pangpangnamah kudu ninggalkeun kamar nu geus biasa di sarean
ti SD nepi ayeuna rek kuliah, hampir 90% kegiatan urang sehari-hari dilakukan
disini, terkenang pisan lah nu biasa di hudangkeun indung unggal isuk terus
nitah sholat, ngke mah diditu di hudangkeun ku alarm hp, eta ge mun
kahudangkeun.
Geus beres packing urang konsultasi tah ka kolot kudu mawa
naon deui.
Dicky : “Bawa naon deui nya?”
Ibu Bapa : “Nu penting mah bawa niat a”
Anjis.. pecah men,seketika aing guling-guling ti bandung nepi zimbabwe.
Okey besok urang ceritain lagi gimana perjalanan urang dari
Bandung menuju Bogor, bakal dijelasin juga aya naon wae di jalan teh. Dan
kumaha peurihna neangan kosan di lembur batur. Nuhunnn.
Grup chat di Line yang ala bedol desa tea, geus 140 ayeunamah. |