Minggu, 24 Januari 2016

Bogor pt. 1

Karena hasrat nge-blog sedang menggebu-gebu jadi sesuai janji urang 1 jam yang lalu, urang bakal menceritakan kehidupan urang setelah lulus dari cambridge university  SMK. Sebelumnya urang mau minta maaf dulu kalau nanti di postingan ini mungkin bahasa yang dipakai akan memakai bahasa kasar/kurang sopan, sama-sama ngerti ajalah gausah baper, niat urang juga cuman mau cerita bukan nyari masalah (jol urang nu baper). Nah kitu daks, ternyata nyarita make bahasa sorangan itu lebih asik, banggalah menjadi dirimu sendiri, walaupun goreng patut tapi ini da made by Allah SWT.


Okay mulai.
Jadi pas basa eta teh lagi masa gabut pasca UN urang lagi nguruskeun nu ngarana perpisahan angkatan yang seharusnya mah pihak sakola nu nguruskeun kabeh eta, hem. Bolak-balik ti hiji tempat ka tempat lain nepi ka balik masih keneh sore jiga budak SMK kelas 2 nu karek balik praktek di lab. Duh, saliwat mah asa kangen masa-masa itu teh, ngan ngke lah dicaritakeun na, sekarang mah lagi sebel sama SMK teh da legalisiran ijazah aing belum dikasihin wae hehe skip. Nah! pas geus rapat jeung barudak sakabeh perwakilan angkatan teh urang gow ke BK tujuan na mah rek ngamusyawarahkeun masalah perpisahan jeung pihak sekolah, pekteh jol papanggih jeung Ibu Sifa. 

Singkat cerita Ibu Sifa ini guru BK paling kekinian di SMK urang, contohnya: doi geus make Line. Beliau teh paling ngerti lah sama masalah-masalah siswa disitu. Sok hayang curhat weh bawaan na mun manggihan si Ibu ieu mah, selain asik diajak curhat, asik juga di ajak ngumbah wadah pas latgab.

Jol digeroan weh, kurang lebih percakapan nya seperti ini lah :

Bu Sifa : "Diki!, kadieu!"
Dicky :  (aduh aingmah buuk beunang razia deui ieu mah euy). "Iya bu kenapa?"
Bu Sifa : "Ini selamat yah kamu alhamdulillah keterima di ipb tea"
Dicky : (*deg* buuk aing aman yes) "Ohgitu bu duuh alhamdulillah"

Aslina bungaaaaah pisannnnnn, teu pati ngarep katarima da pas pendaftaran ge, ah ngilu we daftar susuganan mimitina mah, barijeung da nilai urang ge teu hade-hade teuing, tapi da emang geus jalan na kudu katarima nya kumaha atuh? anjaaas akaka. Pokokna bahagia lah.

Dicky : "Atuuuh.. mana cik liat kertasnyaa"
Bu Sifa : "Embung akakaka"
Dicky : "Aisia bu:( hehe"
(ngga ketang)
Bu Sifa : "Ini, yang lain yang daftar pada kemana?"
Dicky : "Gatau bu, lain kabogoh jadi teu ngurusan"
Dicky : "Atuuh bu naha teu jeung wandy katampi na ah teu kaci" *tina bahagia jol sedih*

Jadi Wandy ini bestfuckingfriend ku sedari kelas 1, kelas 2 PKL ge bareng, sakosan bareng, mandi ge bareng, teu. Teman sebangku di kelas 3, sabenerna mah mun manehna teu pinter matematika urang teh embung teuing jadi baturan na ge akaka. Lalu, pas rek kuliah doi ngadaftar oge ka IPB, sarua jurusan na. Sebenarnya ada 1 lagi sih yang daftar, si Rahmat. Tapi da musuhan aing mah sama dia. Ngga ketang met heureuy, kamu terbaiks.

Bu Sifa : "Enya Ibu ge aneh, watir ih mereka"
Dicky : "Iya bu, atuh ai diki ntar gimana disana?"

degg disitu urang mulai membayangkan nu aneh-aneh tentang Bogor, kumaha ngke diditu, jeung saha sare na, tahu bulat na 500an teu, ah galau pokokna mah.

Dicky : "Ntar lah saya kasih tau kalo ketemu mereka, ai diki sekarang harus gimana bu?"
Bu Sifa : "Ngajajanan kabeh civitas smk"
Dicky : "Aisia deui bu:("
(ngga ngga)
Bu Sifa : "Iya kasih tau jug sama orang tua kamu, inget yah kamu kalo ga ngambil ini adik kelas mu ga akan bisa ikutan lagi daftar kesana"
Dicky : "Okesiap bu ntar dikabarin lagi" (aduh padahal mah moal dibawa da jauh teuing, sieun).
Dicky : "Ai ntar kalo keterima snmptn gimana bu?" (aing geus PD tiheula)
Bu Sifa : "Kamu ngarep di snmptn ki? Hahahaha" bu sifa lalu seuri teu ereun-ereun.

Emang hese ceuk aing ge SMK mah:((

Lalu urang keluar dari ruang BK itu dengan perasaan campur aduk, babaturan urang diluar lalu jol kepo.
Arief : "Kunaon ki? Kumaha tadi? Buuk salamet?"
Dicky : "Teu kunanaon rif, salamet alhamdulillah"
Urang teh sengaja tidak membeberkan hal ini dulu ke publik meh surprais. Teu ketang, bingung we da teuing di cokot teuing henteu. Matakna teu wani ngobrolkeun jeung barudak. Lalu urang lanjut rapat weh pas basa eta teh. 

Hari berlalu, wandy dan rahmat ge geus apaleun kumaha nasib maraneh na, lalu urang nanyain ke mereka mau lanjut gimana nanti. So care weh, hem. Datanglah hari pengumuman snmptn 2015 untuk seluruh siswa/i SMA/SMK/MA/MAK se-Indonesia. Sengaja ngke peuting weh muka na sugan aya jodo ai peuting mah, teu ngefek sih ngan sugan weh apanan. Ningali RU heula, aya nu alhamdulillah katarima di PTN nu dipikahayang, loba oge anu teu katarima, sedih sih. Tapi da kumaha saingan na euy (y) pisan atuh komo deui aing sebagai siswa SMK:(((. Beranjak peuting, urang dan bokap berdampingan siap-siap membuka website snmptn, aing teh seketika ngetikeun nomer snmptn nu di bere ku Bu Sifa weh. Jol error! ah fix ieu mah teu katarima dina hate teh. Ralat, pekteh salah guys kuduna ngetikeun tanggal lahir akaka. Terus pas di klik....

DEG.
SERRRRRR.
Beureum.
Aing ditikam dari belakang.
Teu, artina nya teu katarima:-(

Dicky : "Pa, Kumaha atuh.... teu di Bandung.... teu nanaon..."
Bapa : "Nya keun lah, ngan maneh ulah balik-balik deui kadieu nya"
Dicky : "Mangga bapa:("
(ngga ngga)
Bapa : "Nya keun lah, emang jodo na udah harus di Bogor mereun"

Lalu disitu terjadi perbincangan so iyeh dan so perhatian tea, geuleuh sih. Tapi ngena lah omongan kolot mah kana manah na :-)

Singkat cerita urang di izinan buat kuliah di Bogor setelah berbagai hal menimpa, hese pisan aslina mun di caritakeun mah panjang deui. Nyageus lah maraneh mah apal urang kitu weh okey. Tapi untungna disana teh urang ada 1 kaka kelas yang nantinya akan menjadi panutan sebut saja inisial nya Kang Rizki. Lalu nasib Wandy sekarang dia sudah melanjutkan kuliah di UNLA jurusan Pend. Matematika dan Rahmat bekerja sebagai announcer disalah satu stasiun radio di Bandung. Alhamdulillah mereka punya jalan nya sendiri untuk sukses. Aamiin.

Okay sekian perjuangan urang sebelum pergi ke kota hujan, tidak cukup sampai disini daks. Postingan berikutnya urang bakal cerita pas urang udah nyampe disana, ternyata kota hujan teh eweuh tiis-tiis na sama sekali.

BOGOR!!

Naha sih di part-part jiga cinta fitri wae?

Kahiji, cinta fitri lain part, tapi season. *inget.
Kadua, meh postingan na rada loba, watir atuh ieu karek ngeblog deui hehe.

1 komentar: